PERNIKAHAN
Niti wanci takdir Gusti, ninggang mangsa qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malati ligar na ati, taraté mekar na haté, mawar mangkak kembangan. Bébér layar tarik jangkar, seja mungkas mangsa lalagasan, dilajeng niat suci ngawujudkeun laki rabi
Kalawan teu sakedik ogé ngirangan rasa hormat, simkuring atas nami kulawargi jembar seja ngahaturanan linggih Bapa/Ibu/Sadérék kangge sumping dina raraga jatukrami pun anak
Putri Ketiga dari
Bapak Abang Emuh & Ibu Lilis Sumiati
&
Putra Pertama dari
Bapak Iwan Setiawan (Alm.) & Ibu Ai Mulyani
“ Jeung sagala rupa perkara, kami ciptakeun papasangan sangkan aranjeun inget kana kaluhungan Allah”.
- QS. Az-Zariyat 49 -
Biantara, Akad Nikah
Dinten : Ahad
Ping : 12 April 2026
Tabuh : 08.00 WIB
Wewengkon : Kp. Pasir Batu RT 001 RW 008,
Desa. Rancakole, Kec. Arjasari, Kab. Bandung
Resepsi
Dinten : Ahad
Ping : 12 April 2026
Tabuh : 10.00 WIB
Wewengkon : Kp. Pasir Batu RT 001 RW 008,
Desa. Rancakole, Kec. Arjasari, Kab. Bandung
Amplop Digital
Neda nu dipihatur, mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Sadérék kersa sumping pikeun jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rahmat Alloh, kalayan aya dina karidoan manten-Na. Dianti ku asta kalih, bagja kalingga murda, hatur sewu nuhun kana du’a sareng kasumpinganana.
Sinareng upami Sadérék aya maksad maparinan kagegelan, tiasa ku mangrupi kintunan non tunai.
Kirim Hadiah
Nama Penerima: Muhammad Ansor
Konfirmasi WA : 0821-2025-5297
Alamat: Kp. Pasir Batu RT 001 RW 008, Desa. Rancakole, Kec. Arjasari, Kab. Bandung
Doa restu Bapak/Ibu/Sadérék sadaya tangtos mangrupikeun karunia anu kawilang luhur ajénna pikeun kami sakulawargi.
Sakitu nu kapihatur, mugia ulah kirang sihapuntenna bilih kirang tata kirang basa, jembar manah nu diteda, rumaos tuna ku élmu.
Mangrupi hiji kahormatan sareng kabagjaan anu kalintang ageungna pikeun kami sakulawargi, seug upami Bapak/Ibu/Sadérék sadaya kersa rurumpaheun hadir dina waktosna.
Kami sakulawargi ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti kabingahan kana kahadiran sareng do’a restuna.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh